Sabtu, 31 Mei 2014

Desa Karedok

Desa Karedok aya di kacamatan Jati Gede, kabupaten Sumedang. Luas wilayah Desa Karedok nyaeta 926 ha. Wates wilayahna nyaeta : Belah kaler Desa Cipeles, belah kidul Desa Kadujaya, belah kulon Desa Pajagan, sarta belah wetan Kadujaya.
Pupuhu Desa Karedok dipingpin ku kuwu atawa kepala desa.
Baheulana Desa Karedok teh mangrupa hiji kmpung nu letakna di sebrang Sungai Cimanuk. Tempat nu baheulana mengrupa wilayah Sumedang Larang atawa Nagara Mayeuti. Ku sabab aya musibah tanah longsor, nyebabkeun penduduk kampung kudu pindah ka kampung Rancakeong atawa Babakan Dobol. Kasebat 2 kulawarga anu aya ditempat eta tuluy berkembang jadi 710 jiwa.
Waktos Sumedang dipingpin ku bupati Pangeran Aria Suria Atmadja nu reuseup "ngalintar" (newak lauk ku heulap atawa kecrik). Bejana, waktos leleson di Desa Dobol teh disuguhan karedok terong, nu ahirna kampung eta teh disebat kampung karedok atawa Desa Karedok nepika ayeuna.
Rahayat Desa Karedok nyaeta suku sunda. Sesepuh Desa Karedok kacida dihormatna. Kusabab, dianggap seueur tuang asam garam (legok tapak genteng kadek) tina kahirupan. Dina sababaraha hal, sesepuh dijadikan rujukan utamana nu patalina sareng adat istiadat. Sabagean rahayat Desa Karedok seueur anu pagaweanna jadi patani. Aya oge anu gaduh kerja tambahan, contona : miara sapi, embe, hayam, jsb.
Ku sabab rahayat Desa Karedok seuer nu jadi patani, teu aneh upami upacara tradisionalna aya patalina sareng pertanian, seperti :
- Upacara Tutup Buka Guar Bumi atawa ngaruat pikeun salametan tolak bala. Biasana dibarengan ku ngubur sirah munding di alun-alun Desa Karedok pikeun jadi tumbal.
- Upacara Ngabeungkat pikeun ngabersihan saluran cai sangkan henteu kakurangan cai.
- Mapag Sri sabada panen sarta
- Upacara menta hujan ku cara ngamandian ucing.
Upacara-upacara tradisional eta oge ngagugahkeun kasenian tradisional nu biasana ngiringan tina upacara saperti : kasenian Bangreng, Tayuban, Terebang, Dog-dog, Genjring. Iwal ti Wayang Golek atawa Wayang Kulit sarta Tari Topeng nu jadi pantangan di Desa Karedok.
Lian ti eta aya deui pantangan nu ulah dilanggar di Desa Karedok nyaeta : Ulah melak sampeu, kacang taneuh, bawang, bakau, sarta sirkus atawa doger monyet. Ku sabab, upami dilanggar sok aya akibatna.

Tidak ada komentar: